Keun,
Urang teundeun dina handeuleum sieum,
Urang tunda dina hanjuang siang,
Carita urang geus lapur,
Hiber jumaringkang ka alam iraha,
Geus,
Ulah rek nyisikudi ka kuring,
Da kuring ge geus teu wawa mawa rasa,
Bongan toma sorangan,
Eta mah tamaha diri,
Ayeuna geus lain-lainna deui,
Tapi kuring boga pamenta,
Mana nu geus di behkeun ku anjeun,
Eta nu kuring,
Da moal junun eta kahirupan,
Ngadeleka ka jalma nu tunggara,
Ngadzolim ka jalma prihatin,
Manahoreng anjeun teh ukur rigig jeung gambar wungkul,
Sabar kur bahasa,
Tapi Alhamdulillah,
Ku Allah kuring di jauhkeun di pisahkeun ku asih nu datang,
Nu ayeuna meungkeut hate nyimpay kanyaah,
(Sastra Sunda)
Restu Hati